Living in The Moment, Preparing for The Future..

Senin, 21 Mei 2012

11.11 Posted by Arie No comments Posted in ,
Posted by Arie on 11.11 with No comments | Categories: ,
PANGBALIKAN
(Wahyu Wibisana)

Iuh, iuh gunung kuring
angin ulin dina embun-embunan
sawaktu-waktu kuring kudu nepungan
dumeh hirup halabhab cinta di maranehna nya ayana

Aya sababna kuring tibelat
aya sababna kuring pegat
tapi nu ahir lain kaabadian
kakasih dina hate ngawih deui

Iuh,iuh gunung kuring
nyata, nyata tanda-tanda
ngabalungbung jalan hirup
nepi ka nyawa rek asup
ka maranehna kuring rek balik
ka maranehna kuring rek pamit





LAGU HIRUP
(Eddy D. Iskandar, 1992)

Unggal poe unggal lengkah
nataan tanggal dina kalender
angger aya nu diarep-arep
ari umur melesat henteu kajeueung

Dina beja dina carita
teu weleh aya nu miheulaan
warna-warni kajadian, teu kapireng
da puguh katalimbeng rusiah

Dina sakeclak cimata,
Aya kasedih, nu teu kedal.
Dina kongkolak kahirupan.
Aya nu miang teu mulang deui

0 komentar:

Posting Komentar

Bookmark Us

Delicious Facebook Favorites More Stumbleupon Twitter

Search